Selasa, 27 Agustus 2013

Pidato Kemerdekaan Bahasa Sunda


Assalamu’alaikum Wr.Wb
kapayuneun bapak kepala sekolah anu ku sim kuring di pihormat,
kapayuneun para bapak ibu guru anu sami ku sim kuring di pihormat
oge teu hilap ka para rerencangan siswa-siswi smun 1 sukabumi anu di mulyakeun ku alloh.

alhamdulillah dina danget ieu urang tiasa patepang lawung paamprok jonghok dina rarangka mi eling tepung umur kamerdikaan nagara urang anu ka 65.
peryogi ka uninga, seueur pisan pengorbanan anu tos di pasrahkeun ku para pejuang urang kapungkur dina melaan kamerdekaan nagara anu ayeuna ku urang karandapan.
ku kituna urang, salaku generasi muda penerus bangsa tos sakeudahna neraskeun perjuangan para pahlawan urang ku jalan diajar anu soson-soson pikeun nanjeurna kahirupan bangsa indonesia di zaman anu bakal datang.
sajabina ti eta seueur keneh hal-hal anu tiasa ku urang dilakukeun dina rangka mengisi kemerdekaan ieu, kukituna ka rerencangan abdi sadaya, hayu urang sami-sami babarengan ngeusian kamerdekaan iyeu ku hal-hal anu mangfaat.

rupina mung sakitu anu tiasa kapihatur ti sim kuring, luhur saur bahe sora ulah kirang -kirang ngahapunteun wabillahi taufik wal hidayah wassalamualaikum wr.wb.

 
Assalamu’alaikum Wr.Wb

Para saderek sadaya nu sabangsa jeung saperjuangan anu dimulaikeun.
Dina kasempetan ayeuna rupina urang sadaya bangsa Indonesia nuju mieling Kari Kesaktian Pancasila anu ngarupikeun falsafah nagar jeung pandangan hirup bangsa.

Naon pangna dina dinten ieu 1 Oktober dosebat hari Kesaktian Pancasila? Memang upama ku urang ditalungtik ti kawit dicetuskeunnana kadaulatan bangsa jeung nagara urang Republik Indonesia, seueur pangalaman sareng rupi-rupi halangan sarta ancaman anu tujuanana ngarongrong jeung kasatuan bangsa anu hakekatna ngarupikeun bagian tina Pancasila, maksud=maksud anu goring anu haying nyoba-nyoba ngarebut sareng ngaganti falsafah nagara pancasila ku komunisme tiasa digagalkeun.

Upama urang nalungtik tina lahirna Pancasila, pancasila ngarupakeun hasil rumusan nu parantos ngancik dina jiwa sareng budaya bangsa Indonesia, nu digali tina poko-poko pikiran nu suci jeung hate sanubari bangsa Indonesia.

Kumargi kitu layak tur pantes upama Pancasila ngarupikeun poko-poko pikiran, sumber tina sagala hokum, pandangan hirup bangsa. Sarta sabagi ideology sareng falsafah nagara, anu wajib ku urang dipiara, dijaga sarta dilestarikeun.

Urang sadaya masih emut kana peristiwa atawa kajadian taun-taun nu parantos kalangkung, tepatna dina tanggal 1 oktober 1965, parantos dilakukeun gerakan pembasmian secara operasional anu dipimpin ku Letjen Suharto salaku Komandan Operasional Pemulihan Kaamanan kalayan dibantu ku segenep kakuatan masyarakat anu mertahankeun kadaulatan nagara jeung Pnacasila, tina terror anu ngaku dirina Gerakan G 30 S/PKI.

Gerakan Operasional eta hasil kalawan sukses, sahingga kadaulatan nagara tiasa disalamatekeun sarta tetep ngadeg di atas Dasar Pancasila sabagi falsafah nagara.

Kumargi kitu anu salajengna dina tanggal 1 Oktober, diabadikeun sabagi Hari Kesaktian Pancasila.

Sangkan teu ka alaman deui kajadian anu pait eta, nu usahapikeun ngargragkeun kadaulatan nagara jeung falsafah Pancasila, mangka dina kasempetan ieu, urang sabage bangsa Indonesia mangga urang sami-sami usaha, nalaah jeung ngamalkeun sacara murni jeung konsekwen, Sepertos nu nuju digalkeun ku ayana panataran-panataran P$, kalayan rupa-rupa carana nu diayakeun ku pamarentah. Sabab upama jiwa Pancasila eta geus bener-bener nyerep dina pribadi urang, mangka ieu bakal ngarupakeun tameng anu tangguh pikeun ideology lain anu rek usahangamangruhan atawa ngarongrong diri urang pikeun nurutkeun pangaruhna.
Pancasila eta ku urang sadaya kudu diamalkeun, pon kitu deui ajak kulawarga urang sangkan bener-bener jadi kulawrga anu Pancasilais sajatai. Nya ieu pisan saestuna anu jadi puncak tina cita-cita proklamasi, anu bener-bener bakal ngawujud sakumaha anu cita-cita ku urang sadaya nyaeta “BALDATUN THAYYIBATUN WARABBUN GHAFUR”, ngawujud masyarakat adil jeung ma’mur berdasarkeun Pancasila kalayan kenging pangampura ti Allah swt.

Mudah-mudahan Allah SWT. Salamina ngalimpahkeun rahmat sareng karuniaNa, sareng mudah-mudahab ngaijabah kana saniskeun cita-cita sareng harepan bangsa Indonesia.
Amiin!

Wasslamu’alaikum Wr.Wb


Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.

Anu dipihormat Rama ...
Anu dipihormat Rama Pupuhu RW ...
Anu dipihormat Rama Pupuhu RT ...
Merdika! Merdika! Merdika!

Hayu urang panjatkeun puji sukur kehadirat Allah Subhanahu wa Ta’ala, margi luhur limpahan rahmat sarta hidayah-Na, dina poe ieu urang sadaya dibere keneh kasempetan kanggo ngiring meramekeun acara dinten teupang taun kamerdikaan Nagara Republik Indonesia anu ka-65 dina kaayaan damang wal-afiat.

Saterasna kalawan pangemut dinten teupang taun kamerdikaan urang ieu urang ngaharepkeun, mugi-mugi urang langkung ngaronjatkeun rasa tresna urang dina lemah cai sarta bangsa, langkung ngaronjatkeun tanagi juang urang ka bangsa sarta nagara,langkung mempersatukeun jiwa sarta sakabeh awak urang kanggo memperkokoh persatuan sarta kesatuan bangsa.

Saderek sakantenan anu berbahagia, lamun urang emut perjuangan para pahlawan warsih 1945 mangka terlintas tangtos di benak urang yen sumanget perang anu kawas seuneu anu teu acan pareum eta kitu hebat ngahiji dina jiwa para pahlawan pajoang 45 eta. Nanging kitu tak kawon pentingna kalawan peran urang sadaya ayeuna ieu. Perjuangan sateu acan parantos. Korban parantos seueur ragragan mangka marilah urang ronjatkeun teras jiwa sarta sumanget 45,kalawan ngawujudkeun jiwa pangwangunan anu tangguh

Kamakmuran dumasar kaadilan sarta Kapangeranan Anu Maha Esa teu acan urang capai. ku kituna seueur keneh anu kedah urang perjuangkeun. Kamerdekaan minangka pusaka para pahlawan urang ieu hadena urang eusi kalawan jiwa pangwangunan teu aya mikawanoh kapentingan pribadi leuwih tiheula.

Jiwa sarta sumanget 45 nyaeta jiwa sarta sumanget kebersamaan. Jiwa anu mendahulukeun kapentingan sareng di luhur kapentingan golongan. ku kituna deui mangka urang wajib menigkatkeun rasa solidaritas berbangsa sarta bernegara. Persatuan sarta kesatuan nasional langkung di luhur kapentingan urang sacara pribaos sarta golongan. Tumbuhkeun rasa  sumanget kebersamaan dina memperjuangkeun cita-cipta kamerdekaan.

Insya Allah hareupan bangsa Indonesia ngahontal kahirupan anu adil sarta makmur dumasar Pancasila sarta Ulem-Ulem Dasar 1945 kalawan ridla Allah Subhanahu wa Ta’ala kahontal kalawan numuwuhkeun sumanget persatuan sarta kesatuan nasional Indonesia. Amin,amin,yaa robbal ‘alamin.

Akhirul saur,wilujeng bajoang,wilujeng ngawangun bangsa sarta nagara urang tercinta ieu.

Dirgahayu Indonesia kuring! Merdika!

Wassalamualikum warahmatullahi wabarakaatuh


BIANTARA ACARA HUT KAMERDIKAAN RI
Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.
Anu dipihormat Bapa ...
Anu dipihormat Bapa Pupuhu RW ...
Anu dipihormat Bapa Pupuhu RT ...
Sarta saderek sakantenan anu urang muliakan!
Merdika! Merdika! Merdika!
Marilah urang panjatkan puji sukur kehadirat Allah Subhanahu wa Ta’ala,margi luhur limpahan rahmat sarta hidayah-Na,dina poe ieu urang sadaya dibere keneh kasempetan kanggo ngiring meramekeun acara dinten teupang taun kamerdikaan Nagara Republik Indonesia anu ka-65 dina kaayaan damang wal-afiat.
Selanjutnya kalawan pangemut dinten teupang taun kamerdikaan urang ieu urang ngaharepkeun,mugi-mugi urang langkung ngaronjatkeun rasa tresna urang dina lemah cai sarta bangsa,langkung ngaronjatkeun tanagi juang urang ka bangsa sarta nagara,langkung mempersatukeun jiwa sarta sakabeh awak urang kanggo memperkokoh persatuan sarta kesatuan bangsa.
Saderek sakantenan anu berbahagia,lamun urang emut perjuangan para pahlawan warsih 1945 mangka terlintas tangtos di benak urang yen sumanget perang anu kawas seuneu anu tak kunjung pareum eta kitu hebat ngahiji dina jiwa para pahlawan pajoang 45 eta. Nanging kitu tak eleh pentingna kalawan peran urang sadaya ayeuna ieu. Perjuangan belumlah rengse. Korban atos seueur ragragan mangka marilah urang ronjatkeun teras jiwa sarta sumanget 45,kalawan ngawujudkeun jiwa pangwangunan anu tangguh.
Kamakmuran dumasar kaadilan sarta Kapangeranan Anu Maha Esa tacan urang capai. ku kituna seueur keneh anu kedah urang perjuangkan


PIDATO KEMERDEKAAN

Assalamu’alaikum Wr Wb
Hadirin anu ku simkuring dipihormat.,
Kersaning Gusti Nu Maha Suci, urang sadayana tiasa patepung lawung paamprok jonghok dina ieu acara. Mugi ieu acara téh lungsur langsar kalayan kahontal sagala anu dipimaksad. Amin.
Ngadegna sim kuring dina danget ieu payuneun parasepuh miwah paratamu anu sami rawuh, taya sanes seja ngiring jabung tumalampung sabda kumapalang.
Kitu oge bari jeung digedeng ku kendang gede pakauman, dag-gig-dug rasaning ati, rumasa sim kuring mah taya kabisa, sanggem paripaos téa mah étang étang lauk buruk milu mijah. Boga catur gé nu tanpa bukur, ngalantur teu puguh alang ujurna taya pulunganeunana.
Nanging sanaos suwung ku pangaweruh suda ku pangabisa, sim kuring baris nyobi ngaguar téma ieu biantara anu unina “Ngaronjatkeun Kareueus Nonoman Kana Basa Sunda”.
Hadirin nu dipihormat,
Saparantos sim kuring maluruh sababaraha sumber anu jadi rujukan. Sihoreng geuning, anu utama pikeun para nonoman atanapi generasi muda anu jadi seuweu siwi Pajajaran teh, taya sanes kedah mibanda rasa katineung kana budayana. Ulah nepikeun ka jati kasilih ku junti – mupusti budaya asing bari teu malire budaya urang sorangan. Anu antukna cul dog-dog tinggal igel. Adean ku kuda beureum, ngarasa reueus ku banda meunang nginjeum.
Sanes hartosna nonoman sunda ulah malire kana budaya deungeun, nanging asa langkung payus saupami weruh kana budaya deungeun teh disarengan ku ngaraksa – ngariksa budayana sorangan. Utamana kana basa sunda anu jadi ciciren bangsa.
Naha basa sunda ciciren bangsa? Rupina basa teh nuduhkeun ciri anu dipibanda ku salahsahiji suku bangsa. Kitu oge bakal disebut sekeseler sunda saupama disarengan ku aya basana.
Asa palangsiang, saupamana dina hiji waktu keur aya di nagara deungeun, heug aya nu naros, kawit ti mana, dijawn teh ”
ti Indonesia”. Indonesiana di mana? Ana dijawab teh “ti Jawa Barat”. Batur teh nanya deui: “Atuh pinter basa Sundana, tiasa abdi ngiring diajar? … Pisakumahaeun teuing erana saupama urang keur di mancanegara diperedih ku batur pikeun ngawanohkeun basa Sunda , … tapi urang teu bisa.
Ngawanohkeun Basa Sunda saleresna mah sanes kanggo para nonoman wungkul, tapi tos kedah diwanohkeun ti kawit balita. Upami di Jawa Barat nya ku Basa Sunda. Basa Sunda salaku basa indung bakal leuwih nyerep ka diri nooman lamun geus dibiasakeun diwanohkeun ti bubudak.

Hadirin anu ku simkuring dipihormat, eta mah sakadar cita-cita simkuring. Da ahirna mah diwangsulkeun deui ka nonoman nyalira.
Cindekna mah urang kedah peheuyeuk-heuyeuk leungeun dina ngamumule ngaraksa sareng ngariksa basa katut budaya Sunda.
Manawai bahan katampi, hapunten … sanes bade ngabejaan bulu tuur, atanapi mamatahan ngojay ka meri. Ieu mah mungguhing kajurung ku identitas sim kuring salaku nonoman Sunda. Sasieureun-sabeunyeureun bae mah ngiring nyumbang saran.
Manawi bahan katampi, hapunten … sanes bade ngabejaan bulu tuur, atanpi mamatahan ngojay ka meri. Ieu mah mungguhing kajurung ku identitas sim kuring salaku nonoman Sunda. Sasieureun sabeunyeureun bae mah ngiring nyumbang saran.
Amit mungkur. Hapunten sakali deui, bilih aya basa anu kirang merenah sumarambah kana manah sareng matak nyelekit kana ati. Mugi agung cukup lumur jembar sihakasima.
Wassalamu’alaikum wr.wb.




Tidak ada komentar:

Posting Komentar