Assalamu’alaikum Wr.Wb
kapayuneun bapak kepala
sekolah anu ku sim kuring di pihormat,
kapayuneun para bapak ibu guru anu sami ku sim kuring di pihormat
oge teu hilap ka para rerencangan siswa-siswi smun 1 sukabumi anu di mulyakeun
ku alloh.
alhamdulillah dina danget ieu urang tiasa patepang lawung paamprok jonghok dina
rarangka mi eling tepung umur kamerdikaan nagara urang anu ka 65.
peryogi ka uninga, seueur pisan pengorbanan anu tos di pasrahkeun ku para
pejuang urang kapungkur dina melaan kamerdekaan nagara anu ayeuna ku urang
karandapan.
ku kituna urang, salaku generasi muda penerus bangsa tos sakeudahna neraskeun
perjuangan para pahlawan urang ku jalan diajar anu soson-soson pikeun nanjeurna
kahirupan bangsa indonesia di zaman anu bakal datang.
sajabina ti eta seueur keneh hal-hal anu tiasa ku urang dilakukeun dina rangka
mengisi kemerdekaan ieu, kukituna ka rerencangan abdi sadaya, hayu urang
sami-sami babarengan ngeusian kamerdekaan iyeu ku hal-hal anu mangfaat.
rupina mung sakitu anu tiasa kapihatur ti sim kuring, luhur saur bahe sora ulah
kirang -kirang ngahapunteun wabillahi taufik wal hidayah wassalamualaikum
wr.wb.
Assalamu’alaikum
Wr.Wb
Para saderek sadaya nu sabangsa jeung saperjuangan anu dimulaikeun.
Dina kasempetan ayeuna rupina urang sadaya bangsa Indonesia nuju mieling Kari
Kesaktian Pancasila anu ngarupikeun falsafah nagar jeung pandangan hirup
bangsa.
Naon pangna dina dinten ieu 1 Oktober dosebat hari Kesaktian Pancasila? Memang
upama ku urang ditalungtik ti kawit dicetuskeunnana kadaulatan bangsa jeung
nagara urang Republik Indonesia, seueur pangalaman sareng rupi-rupi halangan
sarta ancaman anu tujuanana ngarongrong jeung kasatuan bangsa anu hakekatna
ngarupikeun bagian tina Pancasila, maksud=maksud anu goring anu haying
nyoba-nyoba ngarebut sareng ngaganti falsafah nagara pancasila ku komunisme
tiasa digagalkeun.
Upama urang nalungtik tina lahirna Pancasila, pancasila ngarupakeun hasil
rumusan nu parantos ngancik dina jiwa sareng budaya bangsa Indonesia, nu digali
tina poko-poko pikiran nu suci jeung hate sanubari bangsa Indonesia.
Kumargi kitu layak tur pantes upama Pancasila ngarupikeun poko-poko pikiran,
sumber tina sagala hokum, pandangan hirup bangsa. Sarta sabagi ideology sareng
falsafah nagara, anu wajib ku urang dipiara, dijaga sarta dilestarikeun.
Urang sadaya masih emut kana peristiwa atawa kajadian taun-taun nu parantos
kalangkung, tepatna dina tanggal 1 oktober 1965, parantos dilakukeun gerakan
pembasmian secara operasional anu dipimpin ku Letjen Suharto salaku Komandan
Operasional Pemulihan Kaamanan kalayan dibantu ku segenep kakuatan masyarakat
anu mertahankeun kadaulatan nagara jeung Pnacasila, tina terror anu ngaku
dirina Gerakan G 30 S/PKI.
Gerakan Operasional eta hasil kalawan sukses, sahingga kadaulatan nagara tiasa
disalamatekeun sarta tetep ngadeg di atas Dasar Pancasila sabagi falsafah
nagara.
Kumargi kitu anu salajengna dina tanggal 1 Oktober, diabadikeun sabagi Hari
Kesaktian Pancasila.
Sangkan teu ka alaman deui kajadian anu pait eta, nu usahapikeun ngargragkeun
kadaulatan nagara jeung falsafah Pancasila, mangka dina kasempetan ieu, urang
sabage bangsa Indonesia mangga urang sami-sami usaha, nalaah jeung ngamalkeun
sacara murni jeung konsekwen, Sepertos nu nuju digalkeun ku ayana
panataran-panataran P$, kalayan rupa-rupa carana nu diayakeun ku pamarentah.
Sabab upama jiwa Pancasila eta geus bener-bener nyerep dina pribadi urang,
mangka ieu bakal ngarupakeun tameng anu tangguh pikeun ideology lain anu rek
usahangamangruhan atawa ngarongrong diri urang pikeun nurutkeun pangaruhna.
Pancasila eta ku urang sadaya kudu diamalkeun, pon kitu deui ajak kulawarga
urang sangkan bener-bener jadi kulawrga anu Pancasilais sajatai. Nya ieu pisan
saestuna anu jadi puncak tina cita-cita proklamasi, anu bener-bener bakal
ngawujud sakumaha anu cita-cita ku urang sadaya nyaeta “BALDATUN THAYYIBATUN
WARABBUN GHAFUR”, ngawujud masyarakat adil jeung ma’mur berdasarkeun Pancasila
kalayan kenging pangampura ti Allah swt.
Mudah-mudahan Allah SWT. Salamina ngalimpahkeun rahmat sareng karuniaNa, sareng
mudah-mudahab ngaijabah kana saniskeun cita-cita sareng harepan bangsa
Indonesia.
Amiin!
Wasslamu’alaikum
Wr.Wb
Assalamualaikum
Warahmatullahi Wabarakatuh.
Anu
dipihormat Rama ...
Anu dipihormat Rama Pupuhu RW ...
Anu dipihormat Rama Pupuhu RT ...
Merdika! Merdika! Merdika!
Hayu urang
panjatkeun puji sukur kehadirat Allah Subhanahu wa Ta’ala, margi luhur limpahan
rahmat sarta hidayah-Na, dina poe ieu urang sadaya dibere keneh kasempetan
kanggo ngiring meramekeun acara dinten teupang taun kamerdikaan Nagara Republik
Indonesia anu ka-65 dina kaayaan damang wal-afiat.
Saterasna kalawan pangemut dinten teupang taun kamerdikaan urang ieu urang
ngaharepkeun, mugi-mugi urang langkung ngaronjatkeun rasa tresna urang dina
lemah cai sarta bangsa, langkung ngaronjatkeun tanagi juang urang ka bangsa
sarta nagara,langkung mempersatukeun jiwa sarta sakabeh awak urang kanggo
memperkokoh persatuan sarta kesatuan bangsa.
Saderek sakantenan anu berbahagia, lamun urang emut perjuangan para pahlawan
warsih 1945 mangka terlintas tangtos di benak urang yen sumanget perang anu
kawas seuneu anu teu acan pareum eta kitu hebat ngahiji dina jiwa para pahlawan
pajoang 45 eta. Nanging kitu tak kawon pentingna kalawan peran urang sadaya
ayeuna ieu. Perjuangan sateu acan parantos. Korban parantos seueur ragragan
mangka marilah urang ronjatkeun teras jiwa sarta sumanget 45,kalawan ngawujudkeun
jiwa pangwangunan anu tangguh
Kamakmuran
dumasar kaadilan sarta Kapangeranan Anu Maha Esa teu acan urang capai. ku
kituna seueur keneh anu kedah urang perjuangkeun. Kamerdekaan minangka pusaka
para pahlawan urang ieu hadena urang eusi kalawan jiwa pangwangunan teu aya
mikawanoh kapentingan pribadi leuwih tiheula.
Jiwa sarta sumanget 45 nyaeta jiwa sarta sumanget kebersamaan. Jiwa anu
mendahulukeun kapentingan sareng di luhur kapentingan golongan. ku kituna deui
mangka urang wajib menigkatkeun rasa solidaritas berbangsa sarta bernegara.
Persatuan sarta kesatuan nasional langkung di luhur kapentingan urang sacara
pribaos sarta golongan. Tumbuhkeun rasa sumanget kebersamaan dina memperjuangkeun
cita-cipta kamerdekaan.
Insya Allah hareupan bangsa Indonesia ngahontal kahirupan anu adil sarta makmur
dumasar Pancasila sarta Ulem-Ulem Dasar 1945 kalawan ridla Allah Subhanahu wa
Ta’ala kahontal kalawan numuwuhkeun sumanget persatuan sarta kesatuan nasional
Indonesia. Amin,amin,yaa robbal ‘alamin.
Akhirul saur,wilujeng bajoang,wilujeng ngawangun bangsa sarta nagara urang
tercinta ieu.
Dirgahayu Indonesia kuring! Merdika!
Wassalamualikum
warahmatullahi wabarakaatuh
BIANTARA
ACARA HUT KAMERDIKAAN RI
Assalamualaikum
Warahmatullahi Wabarakatuh.
Anu
dipihormat Bapa ...
Anu
dipihormat Bapa Pupuhu RW ...
Anu
dipihormat Bapa Pupuhu RT ...
Sarta
saderek sakantenan anu urang muliakan!
Merdika!
Merdika! Merdika!
Marilah
urang panjatkan puji sukur kehadirat Allah Subhanahu wa Ta’ala,margi luhur
limpahan rahmat sarta hidayah-Na,dina poe ieu urang sadaya dibere keneh
kasempetan kanggo ngiring meramekeun acara dinten teupang taun kamerdikaan
Nagara Republik Indonesia anu ka-65 dina kaayaan damang wal-afiat.
Selanjutnya
kalawan pangemut dinten teupang taun kamerdikaan urang ieu urang
ngaharepkeun,mugi-mugi urang langkung ngaronjatkeun rasa tresna urang dina
lemah cai sarta bangsa,langkung ngaronjatkeun tanagi juang urang ka bangsa
sarta nagara,langkung mempersatukeun jiwa sarta sakabeh awak urang kanggo
memperkokoh persatuan sarta kesatuan bangsa.
Saderek
sakantenan anu berbahagia,lamun urang emut perjuangan para pahlawan warsih 1945
mangka terlintas tangtos di benak urang yen sumanget perang anu kawas seuneu
anu tak kunjung pareum eta kitu hebat ngahiji dina jiwa para pahlawan pajoang
45 eta. Nanging kitu tak eleh pentingna kalawan peran urang sadaya ayeuna ieu.
Perjuangan belumlah rengse. Korban atos seueur ragragan mangka marilah urang
ronjatkeun teras jiwa sarta sumanget 45,kalawan ngawujudkeun jiwa pangwangunan
anu tangguh.
Kamakmuran
dumasar kaadilan sarta Kapangeranan Anu Maha Esa tacan urang capai. ku kituna
seueur keneh anu kedah urang perjuangkan
PIDATO KEMERDEKAAN
Assalamu’alaikum Wr Wb
Hadirin anu ku simkuring
dipihormat.,
Kersaning Gusti Nu Maha Suci, urang
sadayana tiasa patepung lawung paamprok jonghok dina ieu acara. Mugi ieu acara
téh lungsur langsar kalayan kahontal sagala anu dipimaksad. Amin.
Ngadegna sim kuring dina danget ieu
payuneun parasepuh miwah paratamu anu sami rawuh, taya sanes seja ngiring
jabung tumalampung sabda kumapalang.
Kitu oge bari jeung digedeng ku
kendang gede pakauman, dag-gig-dug rasaning ati, rumasa sim kuring mah taya
kabisa, sanggem paripaos téa mah étang étang lauk buruk milu mijah. Boga catur
gé nu tanpa bukur, ngalantur teu puguh alang ujurna taya pulunganeunana.
Nanging sanaos suwung ku pangaweruh
suda ku pangabisa, sim kuring baris nyobi ngaguar téma ieu biantara anu unina
“Ngaronjatkeun Kareueus Nonoman Kana Basa Sunda”.
Hadirin nu dipihormat,
Saparantos sim kuring maluruh
sababaraha sumber anu jadi rujukan. Sihoreng geuning, anu utama pikeun para
nonoman atanapi generasi muda anu jadi seuweu siwi Pajajaran teh, taya sanes
kedah mibanda rasa katineung kana budayana. Ulah nepikeun ka jati kasilih ku
junti – mupusti budaya asing bari teu malire budaya urang sorangan. Anu antukna
cul dog-dog tinggal igel. Adean ku kuda beureum, ngarasa reueus ku banda
meunang nginjeum.
Sanes hartosna nonoman sunda ulah
malire kana budaya deungeun, nanging asa langkung payus saupami weruh kana
budaya deungeun teh disarengan ku ngaraksa – ngariksa budayana sorangan.
Utamana kana basa sunda anu jadi ciciren bangsa.
Naha basa sunda ciciren bangsa?
Rupina basa teh nuduhkeun ciri anu dipibanda ku salahsahiji suku bangsa. Kitu
oge bakal disebut sekeseler sunda saupama disarengan ku aya basana.
Asa palangsiang, saupamana dina hiji
waktu keur aya di nagara deungeun, heug aya nu naros, kawit ti mana, dijawn teh
”
ti Indonesia”. Indonesiana di mana?
Ana dijawab teh “ti Jawa Barat”. Batur teh nanya deui: “Atuh pinter basa
Sundana, tiasa abdi ngiring diajar? … Pisakumahaeun teuing erana saupama urang
keur di mancanegara diperedih ku batur pikeun ngawanohkeun basa Sunda , … tapi
urang teu bisa.
Ngawanohkeun Basa Sunda saleresna
mah sanes kanggo para nonoman wungkul, tapi tos kedah diwanohkeun ti kawit
balita. Upami di Jawa Barat nya ku Basa Sunda. Basa Sunda salaku basa indung
bakal leuwih nyerep ka diri nooman lamun geus dibiasakeun diwanohkeun ti
bubudak.
Hadirin anu ku simkuring dipihormat,
eta mah sakadar cita-cita simkuring. Da ahirna mah diwangsulkeun deui ka
nonoman nyalira.
Cindekna mah urang kedah
peheuyeuk-heuyeuk leungeun dina ngamumule ngaraksa sareng ngariksa basa katut
budaya Sunda.
Manawai bahan katampi, hapunten …
sanes bade ngabejaan bulu tuur, atanapi mamatahan ngojay ka meri. Ieu mah
mungguhing kajurung ku identitas sim kuring salaku nonoman Sunda.
Sasieureun-sabeunyeureun bae mah ngiring nyumbang saran.
Manawi bahan katampi, hapunten …
sanes bade ngabejaan bulu tuur, atanpi mamatahan ngojay ka meri. Ieu mah
mungguhing kajurung ku identitas sim kuring salaku nonoman Sunda. Sasieureun
sabeunyeureun bae mah ngiring nyumbang saran.
Amit mungkur. Hapunten sakali deui,
bilih aya basa anu kirang merenah sumarambah kana manah sareng matak nyelekit
kana ati. Mugi agung cukup lumur jembar sihakasima.
Wassalamu’alaikum wr.wb.